BIANTARA (PIDATO)
1. Perkara Biantara Nu disebut biantara teh nyaeta kagiatan nyarita d hareupeun ku batur balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa impormasi anu penting. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Upamana wae Ir. Sukarno jeung Ir. Oto Iskandar Dinata, duanana oge orator nu kakoncara. Sacara umum, dina prakna nepikeun biantara kudu nitenan sawatara hal ieu di handap : a. Parigel muka biantara b. Eces nepikeun eusi biantara c. Ngentep- sereuhna nyarita sing ngaruntuy d. Rengkak, pasemon jeung lentong nyarita e. Sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa f. Gaya basa kudu pikatajieun, biasana mah ku cara nyelapkeun banyol atawa humor g. Kudu bisa ngaluyukeun eusi biantara nu ditepikeun jeung tingkat intelektualitas pamiarsa h. Parigel dina nutup biantara Kitu deui nu ngaregepkeun, aya sawatara padika anu perlu dikekeuhan, di antara : Kudu saregep tur daria ngaregepkeun eusi biantara nu ditepikeun ku batur; Catetkeun hal-hal nu dianggap penting tur perlu tina eusi bi...