Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2020

Dongeng

Dongéng  atawa  dangiang  mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun  prosa  (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Ilaharna dongéng téh pikeun barudak. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu  manusa  wungkul, tapi ogé sasatoan,  buta , atawa mahluk séjénna. Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori  pikeun mungkus  tém a. Ciri-ciri Dongeng 1. Mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. 2. Teu aya pangarangna 3. Caritana biasana pamohalan atanapi teu asup ku akal 4. Palaku dongeng bisa naon wae 5. Disebarkeun kulisan warga satempat Dihandap ieu dijentrekeun rupa-rupa dongeng anu aya jeung contona : 1. Fabel nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana ngagambarkeun budi pekerti atawa watak jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Contona dongeng fabel nyaeta saperti kancil maling bonteng, monyet jeun...